Monday, 22 December 2014

Artikel Dongeng Manuk Garuda Jeung Gagak

   Aya Garuda tarik pisan nyamberan anak embe, disamber, diranggeum, tuluy dibawa ngapung.Harita, aya manuk gagak nyahoeun.Manehna kabitaeun hayang nurutan kalakuan gagak.
   Ceuk manuk gagak, "Katurutan moal nya lamun aing sigaa kitu ?" Kabeneran, sangges nyarita kitu, gagak nempo aya embe badot.Gagak tuluy hiber luhur pisan, sanggeus diluhur laju nutug ka handap.Bari nurutan garuda, gapruk nyamber embe badot sarta diranggeum ku cakarna.
   Barang rek dibawa ka hiber, sukuna tikait kana bulu susuri embe.Atuh teu bisa hiber deui.Nu ngangon embe nyahoeun.Gancang bae gagak teh ditewak, diteukteukan bulu jangjangna, sarta tuluy dibikeun ka anakna, dipake kaulinan.
   Ceuk anak nu ngangon, "Bapa Eta Manuk Naon ?"
   Tembal bapana, "Ieu manuk teh hayang bisa nurutan garuda, tapi tetela ieu teh manuk gagak !"

Eta carita abi anu insya alloh rame. 

2 komentar:

Unknown said...

Baguslah may :) (y)

Akmal Syarip said...

oK lah cun thanks ....

Post a Comment

Contact Form

Name

Email *

Message *